Senin, 20 Februari 2017

DRAMA

Istilah drama asalna tina basa yunani nya éta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel. Istilah éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda drama téh toneel nu hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi Sandiwara. Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah, wara/ warah miboga harti pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh pangajaran tina symbol-simbol nu sipatna rahasiah. Aya deui istilah séjénna nu padeukeut jeung drama nya éta teater. Teater asalna tina kecap theatron nu hartina tempat pintonan/panggung. Istilah teater ogé digunakeun pikeun nyebut drama modern. Drama téh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali prosés. Kahiji ayana nasakah drama, kadua éta naskah téh dipintonkeun. Nu ngalaksanakeun pintonan drama téh actor/aktris/palaku nu baris merankeun karakter nu aya dina drama, hartina maranéhna ngalakukeun acting. Kusabab ngalakukeun acting tangtu mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog téh wangunna kalimah langsung.
Unsure-unsur nu aya dina drama nya éta:
1. Babak
Babak dina drama biasana ditandan ku setting tempat. Hartina mun ganti setting éta tandana ganti babak
2. Adegan
Adegan mangrupa bagian babak biasana nu ditandaan ku nambahan jeung ngurangan palaku
3. Dialog/paguneman
Dialog mangrupa bagian utama drama
4. Pituduh teknis
Pituduh teknis nya éta pituduh laku lampah palaku sarta ngagmbarkeun kaayaan dina carita
5. Prolog
Prolog nya éta bubuka panganteur kana eusi drama
6. Epilog
Epilog mangrupa panutup drama eusina biasa kacindekan atawa amanat, henteu tiap drama aya epilog.
7. Tema
Tema nya éta puseur carita nu ngajiwaan sakabéh eusi carita
8. Galur carita
Galur nyaéta runtuyan kajadian dina drama
9. Latar/setting
Eusina tempat, waktu, jeung suasana
10. Palaku

11. Amanat
Hal-hal nu rék ditepikeun ku pangarang mangrupa ajén-ajén moral

Tidak ada komentar:

Posting Komentar